Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/289

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

267

DEWA KALADRI.

Geus heubeul djasa, ti mangsa sanghiang nĕpi ka kiwari kira-kira geus rewoean tahoen kĕbĕlna, katjaritakeun, mangsa harita aja hidji sanghiang aranna Sanghjang Sakti, boga anak hidji lalaki.

Ari roepana djore[1] djasa, awakna peutjeuk, beuteungna boentjireung.

Koe ajahna ditoeroenkeun ka boeana, dititah tapa djeung ngidĕran di boeana.

Geus kitoe, ladjoe bae boedak boentjireung toeroen ka boeana.

Barĕng nĕpi ka hoeloe dajeuh Tji-paitan, labĕt[2] desa Tji-handam, tĕroes tatapa di Goenoeng Koedjang.

Ana keur tatapa, kapanggih koe Daleum Sangkan keur ngadapang bae tapa dina loehoer batoe gĕde.

Koe eta Daleum Sangkan ladjoe dirawatan, dibawa ka imahna, dipoeloeng anak, sarta dioeroesan dihade-hade, dipikanjaäh nĕpi ka gĕdena kira-kira tĕgoeh samping.[3]

Ari karĕsĕpna eta boedak boentjireung, sokan naheun boeboe bae oenggal poë.

Heubeul-heubeul ewena Daleum Sangkan hewaeun ka boedak boentjireung, sabab roepana djore, peutjeuk, beuteungna beuki gĕde, panonna bolotot. Ngan Nji Sangkan teu wanieun noendoeng, siheuneun koe Daleum Sangkan.

Heubeul-heubeul ewena Daleum Sangkan ngadjak naheun boeboe ka waloengan ka boedak boentjireung, tapi ditoedoehkeun koe diana eta boedak boeboena teu meunang di noe hade, koedoe di noe djore bae, di noe tjetjek,[4] soepaja oelah beubeunangan.

Pokna Nji Sangkan: „ari di noe hade, tĕmpatna mah geusan ngaing naheun boeboe, oelah koe dia.”

Ladjoe bae pada naheun boeboe.

——————————

  1. goreng.
  2. tarikolot.
  3. Oemoer dalapan atawa nĕpi ka sapoeloeh tahoen moen kiwari.
  4. deët.