Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/316

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

294

Didjaloedjoer hoë kasoer,
didjaladjat[1] hoë walat,
ditambal koe doelang sontak.

Sakit noe boga halangan noe boga tjaroge teuloe.

Kaopat alang-alangan,
kabeubeut koe djoeroe kampoeh,
sakit noe boga halangan,
noe bagoes nganggo ti peuting.

Toenda oerang pangĕt[2] dinja agama[3] si bangbalikan.

Laïn eta noe koe kami,
digoeratkeun digoeritkeun,
digĕlar disilokakeun,
dina sapeutingan ieu.

Roetjet-retjet dewaning[4] beurang djeung peuting.

Taroek daoen tandang koerah,[5]
pangeusi boeana lambat,
rĕp tjitjing dĕrma noe tjitjing,
rĕp rentek[6] dĕrma noe lemek.

Dengekeun kami poepoelih,
dina sapeutingeun ieu,
bïheung kitoe biheung lain.

(Pasadoean).[7]

„Djapoen![8] awak ing kiwari deuk make pasang pasadoean, pasadoean Goeroe."[9]

——————————

  1. djaroemat.
  2. watĕs, sĕngĕt.
  3. wetenschap, kennis.
  4. loba noe kadenge tapi tilok kadeuleu, de onzichtbare oorzaken van onbestemde geluiden.
  5. koerah = koreh.
  6. repeh.
  7. Formulier tot vragen van vergiffenis voor eventueele tekortkomingen bij het voordragen der pantoen. Elders bezigt de toekang pantoen steeds radjah.
  8. sapoen.
  9. Wie goeroe is, wist D. niet; ik denk aan Batara Goeroe = Batara toenggal.