Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/319

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

297

dewata teu njaho-njaho,
ngan awak ing djeung noe rampes,
djeung ka noe bogoh ngadenge,
dina sapeutingeun ieu.

Moela pandjang pasadoeanana, sadoe deuk ngagoeratkeun-ngagoeritkeun.

Soesoek ratoe noe diajoeh,
bangsa poetra noe ti heula,
noe laïn toeroeh[1] ti loeboek,[2]
anoe ti Loetoeng kasaroeng.[3]

Lain ti sesekeler[4] dĕrma[5] reke[6] kandatan[7] ti praboe banjak.[8]

Teu beunang ditjaritakeun,
noe wĕnang sawĕnang-wĕnang,
noe wĕnang ditjaritakeun.

Toeroeh-toeroeh Embok agoeng,
sisikilir[9] Moending wangi,
noe padang[10] ti Boengah larang,[11]
ti mana loba pĕntjarna,
ti dinja loba pĕntjarna,
pĕntjar ka para sanghiang,
prasanghiang opat poeloeh,
noe wĕnang ditjaritakeun,
njitoe laoet ngareka mega,
ngalalatja[12] di boeana,
ngamitkeun poetra sahidji,

——————————

  1. teureuh.
  2. doesoen.
  3. Verh. Bïit. Gen. v. K. en W. dl. 58. 3.
  4. toeroenan.
  5. bangsa.
  6. goreng.
  7. roendajan.
  8. overleden ?
  9. = sesekeler, doch wegens het rijm met den klinker i.
  10. tjaäng.
  11. Eene Pohatji.
  12. ngoembara, idĕr-idĕran.