Lompat ke isi

Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/322

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

300

Toöng kana kombong kosong,
serang[1] ka randjang tjorengtjang,
bajongbong pangeusi kombong,
kalabang pangeusi randjang,
bĕbĕntĕr[2] pangeusi pangkeng,
soemeuni[3] pangeusi boemi.

Daleum njiar pieusieun, hajang denoek[4] pangeusi andjoeng, hajang lĕndjang pangeusi randjang, noe koneng keur pangeusi rengkeng[5], noe geulis pangeusi boemi.

Ajeuna toenda tjarita.

Katjaritakeun ratoe noe moeroed ti lĕmboer, menak mintar[6] ti nagara.

Ti lolorong[7] koeta potong,
ti idĕr boemi santana,
lĕpoes[8] ti djadjahan timoer,
erep[9] ti djadjahan kaler,
beak ti djadjahan barat,
dipake tanah ngoembara,

Toenda baroeboedan-barebedan[10] sanggĕleng[11] gĕten salira.

Kapoentjoet koe noe rahajoe,
kapĕgat kakelang-kelang,
agama sakadang landjak.[12]

Kabilĕt[13] kapengkong kaboenoehankeun deui agama sakadang djala.

Oelah ditjokot batoe sahoeloe dja aja djoengdjoenganana.

——————————

  1. ↑ pĕlong, soreang.
  2. ↑ tjotjopet.
  3. ↑ Een insect, Lepisma?
  4. ↑ denok, voor 't rijm met oe.
  5. ↑ pangkeng.
  6. ↑ djĕngkar.
  7. ↑ loeloeroeng.
  8. ↑ sanggeus.
  9. ↑ beak.
  10. ↑ over dit en dat praten.
  11. ↑ toelaten van 't gewaad.
  12. ↑ net om herten te vangen.
  13. ↑ kabeulit.