Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/325

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

303

„Papanting dina kimindi,
kamarang dina saradan,
tongeret dina parengpeng,
mere bating moen pawestri,
mere biang moen parawan,
mere bengkeng[1] moen panganten."
„Amoen sakieu badena".

Tjarek istri, „moen tjek ngaing:

„Ratoe djĕboeg raden djambe,
kiaï pipiding[2] pingping,
moen raden tetedeng[3] angkeng,
kaja manik aning laïn,
kaja ĕmas aning bodas,
salaka salaki ngaing,
loehoer goenoeng pangaoeban,
geusan pamoedjaän koering,
geusan koering nangtoeng bajoe,
gensan koering nedja akma,
ngagoeajkeun[4] kabeungharan."

Tjarek daleum:

„Peso raoet nanggoeng boentoet,
peso bengkok pondok tjongo,
pangrĕgĕl[5] indoeng toeriang,
pangala pare hawara,
etem pibasaeunana."

Tjarek pangreureuëus[6] pantoen:

„Daleum miloeloengkoet[7] simboet,
Daleum mirarapen[8] kaen,

——————————

  1. mere hate.
  2. pinding, paminding.
  3. tetebeng = een lage wand.
  4. ngagoearkeun.
  5. rĕgĕl = motong; gĕrĕgĕl, door scherpte gemakkelijk snijden.
  6. panambah.
  7. op 't bed liggen zonder nochthans te slapen.
  8. niet gebruiken.