Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/324

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

302

„Ageung tineung kita meureun,
oedja[1] heman mah wajahna,
aning[2] oelah ageung teuing,
awak ing koetil[3] madjikeun,
awak ing hareudang teuing,
lesotkeun ing singsireumeun."

Tjarek daleum: „hih, hamo dilesotkeun."

„Moen oendoer sadjeungkal toendjoek,
asa teu panggih satahoen,
moen ingkang[4] sadjeungkal lepas,
asa teu panggih saboelan,
indit sadjeungkal pasagi,
asa teu panggih sapeuting."

„Moen singsireumeun mah gampang ekolna, diparakoan koe sila, digandjĕlan koe siki kontol ambeh babari morongkol."

Omongna noe geulis: „aroeh[5], beuheula baroek ti baroek[6], beuheula bedja ti bedja, paribasa seuweu ratoe Pakoean, poetra oerang Padjadjaran, horeng heman ka pawarang."

„Papanting dina kilaki,
kamarang dina kananga,
mere bating[7] moen lalaki,
mere biang moen lalanang."

„Lamoen sakieu badena."

Tjarek daleum:

——————————

  1. ari.
  2. nanging.
  3. koekoerajeun, kippenvel hebben, krijgen.
  4. ingkah, anggang.
  5. adoeh.
  6. denge.
  7. hade teuing.