Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/329

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

307

toetoer ngoering ti leuleutik,
toeman ngaoela ti boedak,
beuki kolot beuki angot,
angkat patih koeda lengser,
gidjig-gidjig[1] loempat leutik,
ari djaoeh leumpang bae,
ngoesiran bae ka mana,
ngoesiran[2] ka djaba koeta,
sakeudeung goeroedag datang,
ka sanghiang[3] djaba koeta,
diïlikan dipinggiran,
didĕlĕng dipandĕng-pandĕng,
teu tjakrana teu bajana,[4]
reugreug pageuh teu deuk eunjeuh,
Soemadi djaja pĕrangna;[5]
ladjoena koeda ing lengser,
kaloentjieur balik moelih,
ngoesiran deuï ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
sakeudeung goeroedag datang.

Koeda lengser ladjoe oendjoekan ka patih daleum, tjarekna: „si madjar ka ngaing[6] kakarek datang mĕntar ngalangbang djaba koeta, reugreug pageuh Soemadi djaja pĕrangan."

Tjarek patih daleum: „oah, lengser, horeng tjangkĕr-tjangkĕr bĕnĕr, moen patih koeda ing lengser horeng tjangkĕr manan ngaing,"

Omong lengser: „tjangkĕr mah boa, toetoer ngoering ti leuleutik, djadjap ngaoela ti boedak, beuki kolot beuki angot, bangĕt ngesto ngadjatikeunana ka saoer ratoe Pakoean, poetra oerang Padjadjaran."

——————————

  1. gidig-gidig.
  2. ngaboeroe.
  3. heiligdom, tempel.
  4. niets was niet is orde.
  5. D. kon geen verklaring hiervan geven; ik hond het voor den naam van den tempel.
  6. korter eenvoudig: ngaing.