Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/331

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

309

Tjek lengser: „poen, mapan ngaing asak tapa ngandang[1] dewa, kaäsoehan koe dewata sanghiang bĕnde koneng mangka tĕroes ka noe njaoeng-njaoeng, mangka parat ka noe imah-imah, ka noe sasaoeng, doea saoeng."

Ladjoe sakatoedoeh mĕtoe sakĕtjap moestiasakeun[2] tĕroes ka noe njaseng-njaseng, parat ka noe imah-imah tangga.

Noengkoeng bĕdoeg isoek-isoek,
bĕnde koneng sore-sore,
kotjap ear di boeana,
moen ngadenge sora bĕnde.

Bogoh oerang pahoemaän,
tjektjok-tjewoh[3] anggalewoh,[4]
tanding djogdjog hoedang molor.

Ari omongna oerang hoema: „ada[5] tjing tama si madjar ka ngaing koeliling-koeliling di sisian aja djogdjog djangottan disadana: djogres, djogres."

Tjek noe saoerang deui: „ih, noe kitoe mah, lain djogdjog djanggotan, eta mah sakadang kores."[6]

Omongna: „euh, ĕnja koetan."

Ladjoe tjek saoerang deui: „si madjar ka ngaing asa noe pidik, ngaing ogeh boga titimoean. Eukeur njoektjroek tjai, mĕgat bodjong, manggih badar koeja sabakoel-bakoeleun."

Tjarek noe saoerang deui: „ih, noe kitoe mati lain badar koeja, tjangkang djengkol pamitjeunan njaing."

„Enja koetan," omongna.

Tjek noe saoerang deui: „si madjar ka ngaing asa noe pidik, manggih peuteuj diboeah areuj."

——————————

  1. banding.
  2. sakĕtjap njata; sakĕdap netra.
  3. tjektjok.
  4. loba tjarita, alewoh.
  5. aja di mana.
  6. Een klein vogeltje, doch nooit verzadigd en alles etend van daar de uitdrukking voor grooten honger: peudjit koreseun.