Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/339

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

317

Tjatoerkeun peupeuntjitanana:

Meuntjit kĕbo meuntjit sapi,
saisoek meuntjit sapoeloeh,
Iaën sapoeloeh kĕbona,
Iaën sapoeloeh sapina,
sapoeloeh kandang lobana,
dihakan bari narangtoeng,
beak ka soekoe-soekoena,
moen sore meuntjit salawe,
dihakan bari lalemek,
beak ka tjeker-tjekerna,
seëp ka hate-hatena,
rea noe teu kabagean.

Toenda anoe keur pesta soeka-soeka.

Katjaritakeun dahoean daleum, noe ngaran Boma djanggala, Pangeran Galoedra mantri.

Soeka boengah amatanan,
soeka ageung wajang tineung.
nja manah asa di loear,
beak kasoekaänana.

Njarita deui pawarang anoe pangkolotna, anoe ngaran Limar kantjana, moen geus diparentah koe tjarogena, nja eta ratoe anom, anoe soemping ti Pakoean Padjadjaran tea.

Ari omongna ratoe kieu: „oah, mas noe geulis, karana si madjar ka ngaing katalatahan koe soenan iboe ti Pakoean Padjadjaran, lamoen di pangoembaraän oelah soeka-soeka teuing karana soeka elok[1] pisoekĕreun soekĕr elok pisoekaeun, bedjakeun ka pĕrboe soenan dahoean, ajeuna moen tatabeuhan geus meudjeuh eureunan bae."

Tjarek garwana daleum: „oah, goesti badan awak ing, moen tjek madjar ka ngaing koedoe nĕpoengan kaka bakal ngeureunkeun noe tatabeuhan, eta soemangga bae."

——————————

  1. ilok, sok.