Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/343

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

321

tjap ngoenggoel direunteut deui,
direunteut koe peupeuteujan;
tjĕplak nonggong ngoleangkak,
miring diga goenoeng soengging,[1]
malang diga goenoeng koebang,[2]
goenoeng soengging teu kagoerit,
goenoeng koebang teu katilad,
niroe gĕloeng ĕmbok agoeng,
beunang nilik ti impian,
beunang nilad ti karatan;
tilikeun para pinoetri,
tanggapeun para ponggawa,
tongtoneun para sanghiang,
ari poelang ka Pakoean.
Satjoetjoendoek pangraoetan,
sasoesoemping panghiriban,[3]
laïn raoet awi apoes,
lain hirib awi tali,
ĕmas kolot beunang mamot,[4]
mas ngorana beunang njatjag,
na beunang njatjag djeung kĕmbang;
ngaranna: ngaromang[5] siang,
anggon-anggon boedak ngora,
boedak ngora ngala djaja,[6]
ditilik ti kadjaoehan,
diteang ti kaänggangan,
tanding poetjoek kaoeng ading,[7]
dieunteupan koe kangkareng,
tjarĕntik pabalik-balik;

————————

  1. een lage berg.
  2. een hooge berg. In Tĕgal zegt men koembang; verg. Goenoeng Koembang, zetel van eveneens nog niet tot den Islam overgegane Soendaneezen.
  3. pangnjobitan.
  4. mangot (p).
  5. omjang.
  6. awet.
  7. gading.