Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/344

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

322

tjarĕntang papoelang-poelang,
kadiga sahantja mojan,
tanding sawah ajeuh ngora,
koemaritjeup koemarideup,[1]
diga bentang kabeurangan;
kalogroganna[2] karembong,
kagoegajan na salĕmpaj,
hoeloe soesoe boer ngagĕboer,
hoeloe inang tjaj ngagĕntjaj,[3]
hoeroeng ka singbarang[4] daoen,
hibar ka singbarang tangkal;
goemĕndoeng[5] goemandaria,
tanding gandaria matĕng,
kasĕlang majang kalapa,
katjĕngkir kalapa ading,
katoeroeban koe mantjoengna,[6]
katjĕpet koe mandjarena,[7]
santĕn barenbeu tjoengapna,
bareubeu pantĕs panginang;[8]
pantĕs panginang noe lĕndjang,
sakĕkĕmbĕn aris toendjoeng,
kalapa goela maningkĕm,
dimangka tjioet[9] ka loehoer,
dimangka bingbar[10] ka handap,
dimangka ngĕndong[11] di tĕngah;
geusanna roeroeoem[12] mangkoek,[13]

——————————

  1. kideup, kĕdep.
  2. karagragan.
  3. ngagentjlang.
  4. sambarang.
  5. bedauwd, zooals bijv. pruimen, druiven.
  6. sintoeng.
  7. njere.
  8. pangĕnjot, tepel.
  9. teros.
  10. ngambar, aan één kant afhangen.
  11. ngĕlĕndong, mĕlĕndoeng.
  12. aroem.
  13. tjitjing.