324
teu pandjang tjatoer dangdanna,[1]
sakeudeung paragat anggeus,
pintasan lastari dangdan,
ngan kantoen amit-amitan.
Tjek amitna pawarang ka ratoe.
„Kantoen linggih kari tjalik,
djoemĕnĕng ngalingga[2] dapoer,
seujeup ti bireungeuh peunteu,
karana hatoeran amit,
awak ing eudeuk maranan,
maranan ka Pantja batang,
pateumoe djeung kaka bakal.”
Saoer ratoe: „soemangga, njai, tapi oelah këbël teuing."
Bogoh koe raga noe geulis,
indit birit loegaj emok,
koredjat milĕpas mantĕn;
goeloesoer gontewang[3] toeroen,
tjap reundeuk angkat di taneuh,
keupatna lalagĕdajang,[4]
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka Pantja batang,
hanteu ditjatoer lilana,
sakeudeung goeroedag datang.
Toeloej bagoes masang tabe,
masang djati paralaja,[5]
pok njaoer moenna noe geulis,
oenggah dina wiwilangan,
——————————