Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/347

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

325

kalimorot[1] tjena nongtot,
sanintĕn tjena baloentĕr,[2]
katoentjar parandjang gagang,
rnasang tabe mah moengkoereun;
kitoe ogeh tabe sapoen.

„Awak ing deuk miloe eureun sakeudeung, ngeureunan palaj ngalĕmar, ngeureunan palaj djeung tjape.”

Tembalna dahoean daleum: „oelah toemangtoeng toemaling goeroe.”[3]

„Toemedja toemaling gĕnah,[4]
gorodjo[5] bagea soemping,
ka loehoer ka Pada manggoeng,
ka Salaksa manda[6] panas,
salampit sageusan tjalik,
moenna djeung djĕnĕng si kaka."

Bogoh koe raga noe geulis,
tjap rĕkĕt neker taradje,
sahambal kadoea datang,
galeong genggele[7] tjalik,
tjalikna hilir ka damping,
ka girang soegan kapalang,
sapasang sapidangdoekan,[8]
gek tjalik pada hareupan.

Tjarek kakana:

oenggah dina wiwilangan,
lamoen boengkoes tjariwoeheun,[9]
lamoen tikoro kotokan,

——————————

  1. Een boomsoort.
  2. boendĕr, baloendĕr.
  3. blijf niet in den hoek staan.
  4. zijstijl.
  5. geura djol.
  6. = mandapa, tempel?
  7. tjelegedeg, gek.
  8. een stel van twee.
  9. haripeut.