Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
Bijlage VI.
 

Uittreksel uit de Babad Galoeh,
coll. Pleyte.
[1]


VIII. POEPOEH DOERMA.

205

Siliwangi poetrana anoe kakotjap,

sahidji anoe istri,
nji Sĕkar Mandapa,
karĕpna miloe tapa,
djeung adjar Soekarsa sakti,
mawa pakakas,
sahidji roepa tjantrik.

206

Lila-lila adjar teh aja karĕpna,

hajangeun ka eta istri,
nji Sĕkar Mandapa;
nanging koe pedah adjar,
hĕnteu ngalakon sarĕsmi,
ngan bidjil kama,
tĕgĕsna kama, mani.

207

Eta mani ninggang ka gagang pakakas.

nja-eta kana tjantrik,
lengket kana gagang.
Toeloej koe Sĕkar Mandapa,
tjantrik teh dianggo masi,
lengket ka tangan,
pabaoer reudjeung gambir.

——————————

  1. Vervolg van den tekst, welke door den heer C. M. Pleyte in een volgende afleveering van dit Tijdschrift zal worden medegedeeld.