Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

193

208

Sanggeus kitoe Sĕkar Mandapa ngalĕmar,

kadahar eta mani,
gantjangna tjarita.
ladjĕng reuneuh katara,
Sĕkar Mandapa dioesir,
poelang ka imah,
arina enggeus soemping.

209

Waktoe eta ĕnggeus aja tiloe radja,

di poelo Djawa linggih.
Tjirĕbon djadi Soeltan,
Bantĕn reudjeung Mataram,
Nji Mandapa, kotjap deui,
datang ka mangsa,
mĕdal poetrana istoe.



IX. POEPOEH SINOM.

210

Nji Sĕkar Mandapa babar,

poetrana leuih koe geulis,
geus dongkap kana wajahna,
meudjeuhna rek ngangkat ahir,
baleg roemadja poetri,
oemoer doea-wĕlas tahoen,
ngaran Tandoeran-gagang,
Radja Tjrĕbon meunang warti:
"Patih leumpang teang si Tandoeran gagang."

211

Rahaden patih tjong njĕmbah,

rampoeng pangandika goesti,
ĕnja patih geura mangkat,
angkat diiring koe mantri,

Tijdschr. v. Ind. T. L. en Vk. deel LV an. 1 en 2.
13