Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/203

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

194

gancangna ĕnggeus tĕpi,
ka lĕmbur anu dijugjug,
tĕpang jeung Sĕkar Mandapa,
pok Raden Patih ngalahir:
"Nyai Sĕkar kula ngĕmban dauh raja,"

212

"Mundut Nyi Tanduran Gagang,

arek dianggo ku Gusti."
Haturna Sĕkar Mandapa:
"Sumangga sakĕrsa Gusti.”
Ki Patih gancang indit,
Tanduran Gagang ditandu,
hĕnteu kocap di jalanna,
geus marĕk ka Kanjĕng Gusti,
dikulĕman bijil seuneu tina baga.

213

Gancang dipiwarang mulang,

diiring ku para mantri,
ĕnggeus dongkap ka lĕmburna,
ayeuna kocapkeun deui,
Ratu Bantĕn tingali,
aya anu geulis punjul,
ngaran Nyi Tanduran Gagang,
tuluy nimbalan ka patih:
"Patih teang eta Nyi Tanduran Gagang,"

214

"Ku maneh masing kabawa."

Patih nyĕmbah tuluy indit,
diiring ku pandakawan,
reujeung ku ponggawa, mantri,
teu lila ĕnggeus sumping,
ka lĕmbur anu dijugjug,
tĕpang jeung Sĕkar Mandapa,
lajĕng ngalahir Ki Patih:
"Nyai Sĕkar kula ngĕmban kĕrsa Raja."