Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/204

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

195

215

"Mundut Nyi Tanduran Gagang,

kĕrsa dianggo ku Gusti,
ayeuna kudu kabawa."
Nyi Sĕkar matur ka Patih:
"Soemangga Raden Patih,
nanging kĕdah nganggo tandu."
Gancangna, tuluy miang,
dongkap ka payuneun Gusti,
ditingali, ratu teh bogoheun pisan.

216

Tuluy bae dikulĕman,

ku ratu meunang sawĕngi,
bijil seuneu tina baga,
jadina teh hĕnteu kungsi,
Ratu kaget teh teuing,
aya seuneu bijil hurung,
gancang Ratu kaluar,
bari nimbalan ka Patih:
"Jig pulangkeun eta Nyi Tanduran Gagang."

217

Enggeus lila di imahna,

ayeuna teh kocap deui,
Ratu Mataram uninga,
lamun aya anu geulis,
aja manah hoyong panggih,
bejana aya di lĕmbur.
Ampah eta imahna.
"Cik patih ayeuna indit,
keur beja mah ngaranna Tanduran Gagang."

218

"Ku maneh kudu diala,

lamun ĕnya ĕnggeus yakti,
iringkeun reujeung indungna."
Lajĕng mangkat Raden Patih,