Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/205

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

196

teu lila ĕnggeus tĕpi,
ka lĕmbur anu dijugjug,
Nyai Tanduran kasampak,
djeung ibuna keur caralik,
Patih dongkap reujeung sabalad-baladna.

219

Lajĕng Ki patih nimbalan,

ka eta nu dua istri:
"Eh, Nyai Sĕkar Mandapa,
kula ngĕmban dauh Gusti,
putra sampean putri,
eta dipundut ku ratu,
barĕng reujeung sampean,
dikĕrsakeun nitih joli,"
Nyai Sĕkar Mandapa hatur; "Sumangga."

220

Tuluy budal sadayana,

diiring ku para mantri,
barina nitih jampana,
tambah-tambah beuki geulis,
para mantri anu ngiring,
kabeh pada nganggo payung,
kamantrian teu sarupa,
wantu pada boga apti,
teu dicatur di jalanna ĕnggeus dongkap.

221

Sumpingna ka pupungkuran,

mipir-mipir turut kikis,
mapay ti luareun kota,
kakara meunang salapis, caturkeun anu di bumi,
goöngna ĕnggeus ngaguruh,
anu mapag pirang-pirang,