Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

197

panghulu jeung para mantri,
malah budal barĕng jeung istrina pisan.

222

Geus kapĕndak babarĕngan,

dicandak mulih ka bumi,
geus sadia pangkulĕman,
kulambu sutra sareungit,
pĕpĕdĕk kitu deui,
bantal, samak, kasur alus,
sĕprena sutra dewangga,
samakna nganggo alkĕtip,
geus kasaput saluarna bumi raja.

223

Nyi Tanduran kacarita,

eukeur dipangkon ku Gusti.
diambungan salirana,
digugulung unggal peuting,
di luar kitu deui,
pestana rame ngaguruh,
suka kabina-bina,
lain rame ulin-ulin,
beurang peuting hĕnteu pĕgat sukan-sukan.

224

Raja rek ngĕrsakeun nĕmah,

tuluy nyandak sisi samping,
eukeur diasta tungtungna,
tuluy aya anu bijil,
cahaya murub suntik,
tuluy dibukakeun laju,
ana prak ditaranjangan,
ngagĕbur sagĕde pingping,
bijil seuneu tina baga gĕde pisan.