Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

198

225
Raja kaget lajĕng lumpat,
barina ngabirigidig:
"Heum, kutan kitu pĕtana,
urang mah teu nyana teuing,
ayeuna ku maneh patih,
buburak masingna kabur,
sina mulang ka imahna,
ulah sina numpak joli."
Tuluy mulang ngan duaän jeung ibuna.

22G
Raja tilu rĕrĕmpugan:
"Urang jual kana bĕdil."
Geus rĕmpug anu tiluan,
tuluy miwarang ka Inggris
ngabantun eta istri,
dibawa ku mantri tilu,
ari datang ka Walanda,
tuluy ditawarkeun nyai:
"Ieu kula piwarangan tilu raja,

227
Ngajual Tanduran Gagang,
nanging mundut tilu bĕdil,
mariĕm nu gĕde pisan,
sakitu timbalan Gusti."
Dauhna Raja Inggris:
"Mantri, kami leuih sukur,
bĕdilna mah nyampak aya,
isukan geura marulih,
bari mawa mariĕm sahiji sewang."

228
Paramantri tuluy mulang,
barina marawa bĕdil,
Tuluy matur ka rajana: