Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

199

"Abdi prantos meunang bĕdil.”
Tuluy dibagi-bagi,
nu ka Bantĕn kai Pamuk,
Mataram Sapu Jagat,
ka Cirĕbon Nyi Satomi;
geus paragat bĕdil sabagi-bagina.

229
Kocap Nyi Sĕkar Mandapa,
ku bawaning nyĕri ati,
lumpat ka Ajar Sukarsa,
mihatur lampahna tadi,
jeung Ajar ĕnggeus papanggih,
nu aya di luhur gunung:
"Simkuring sĕja haturan,
reuneuh simkuring geus lahir,
mĕdal istri rupana tĕh geulis pisan.

230
ngaranna Tanduran Gagang,
nanging kuring langkung nyĕri,
rehna budak teh dijual,
ku tilu raja ka Inggris,
jeung simkuring teu badami,
payu kana bĕdil tilu,
eta sakitu purwana,
nu matak simkuring nyĕri."
Ajar nyaur ka Nyai Sĕkar Mandapa:

231
"Eh, Nyai montong nalangsa,
mangkena oge kapanggih,
supaya ku raja-raja,
mangke dina jaman ahir,
ari Walanda geus calik,
sarta ĕnggeus jadi ratu,
aya di Pulo Jawa,