Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/209

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

200

Ratu Jawa, Sunda leungit,
kawasana cumah nurut ka parentah."

232
"Eta tangtu jadi lawas,
dingarankeun ratu adil,
ki bujangga kinawasa,
eta ratu meunang idin,
sabab ĕnggeus dipasti,
eta meunang jiad Ratu,
jiad Sang Ratu Purba,
nu dijual kana bĕdil,
eta kitu walĕsna ka raja Jawa."

233
"Ratu teh adil kacida,
ĕnggeus tangtu bae jadi,
padamĕlan tatanĕman,
sakabeh pada jaradi,
nu leutik jadi mukti,
ku sabab adiling ratu,
upama aya ambtĕnar,
nu rajin tangtu diasih,
malah-malah dipaparinan ganjaran."

234
Geus kitu Ajar Sukarsa,
leungit barĕng reujeung cantrik,
hanteu katingali jigna,
harita teu katingali,
Nyi Sĕkar Mandapa mikir,
barina turun ti gunung,
arek mulang ka imahna,
Nyi Sĕkar teu bĕtah cicing,
tina sabab ditinggalkeun ku putrana.

__________