Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/342

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

318

ngimpi katinggang koe boelan,
reudjeung katindih koe langit.
Hoedang njambat ka nini:
„isoek-isoek, waktoe soeboeh,”
—sarta bari tjarita—
„aing tadi, nini ngimpi,
langit nindih reudjeung katinggang koe boelan,”

101

„soegan mah saäpan oerang

oentoeng ti batan sasari.”
„Aki, geuat, geura teang.”
Aki-aki gantjang indit,
barina alak-ilik,
reudjeung bari dikoekoedoeng.
Datang ka poepoedoenan,
aja tjahja katingali;
diprantjahan: „djoerig njingkir, setan njingkah.”

102

Tetela dina saäpan,

aja tjahja katingali.
Aki teh seug babatoekan,
lawaning koe gimir ati.
Ti dinja Aki mipir,
tiahja teu katingal hoeroeng;
ngan ningal nja kanaga.
Toeloej dibawa ka sisi,
seug diboeka, aja boedak kasep pisan.

103

Aja ĕndog djeung kalapa.

Digenat dibawa balik.
Aki teh atoheun pisan,
datang njĕloekan ka nini:
„nini, ka dieu bidjil,