Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/347

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

323

nagarana eta beh hilir,
diberean pasti
tanah Dajeuh Loehoer.”[1]

121

Tjioeng Wanara, kotjapkeun deui,

keur ngadamĕl ĕnggon
pikeun djalma-djalma noe diares;
bisi aja mantri noe sĕrik,
atawa boepati,
eta anoe kitoe.

122

„Nanging, rama, nja kĕdah ningali,

bisi kirang sae.”
Ditjabakan barina ditĕmpo;
ladjĕng ratoe teh ngalahir:
„meudjeuhna teh teuing
beubeunangan, agoes.”

123

„Rama, aja panasaran abdi,

eta noe di djĕro,
wantoe atjan katingal di djĕro,
hajang koe rama tingali,
meungpeung tatjan rapih.”
Ramana seug asoep.

124

Barang asoep disoesoel, dikoentji,

ti loear disorog,
dioesapan koe loedah bĕt rekep,
pageuh, moal bisa bidjil.
Tjioeng Wanara ngalahir:

——————————

  1. Noordoostelijk van Kawali, thans een tarikolot, verlaten vestiging.