Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/352

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

328

187

Hariang banga ngalahir ka raina:

„mangga, ajeuna kang rai,
geura djadi radja,
nja linggih di Padjadjaran.
Marentah para boepati,
kakang di wetan,
di nagara Madjapait.”

188

„Hajoe, poelang, soegan rama masih aja.”

Ari soemping teu kapanggih,
bedjana geus merad.
sarta djeung kondjaranana.
Ngan kari Maradja sakti,
di dinja aja,
noe geus koe rama diwĕling.

189

Tjaritana sapitoetoeran kang rama,

kabeh taja noe kari.
Geus beak tjarita,
Hariang banga nimbalan:
„eh, adi Maradja sakti,
maneh ajeuna,
sing geura djadi boepati.”

190

„Njieun nagri nja tjitjing di padalĕman,

djadi radja pribadi.
Kakang mah di wetan,
dinja njieun nagara,
di nagara Madjapait:
Tjioeng Wanara
eta djadi boepati.”