Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/351

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

327

183

Toeloej eureun di handapean tangkal madja

aja boeahna sahidji.
Toeloej seug diala
eta koe Tjioeng Wanara.
Ana diasaän, pait.
Toeloej hatoeran:
„kakang, pikiran kang rai.”

184

„ieu sae pikeun nagara kang raka,

ngaranna Madjapait.”
Rakana nimbalan:
„eta nja bĕnĕr pisan,
tapi hajang njoeroeng deui.”
Toeloej naradjang,
njoeroengna gantjang teh teuing.

185

Toeloej tĕpi ka lĕbah leuweung gĕrotan,

di dinja toeloej manggih,
pakoe noe ngadjadjar.
Rakana seug nimbalan:
„hade keur nagara rai,
oerang ngaranan
Pakoean ieu teh, rai.”

186

Toeloej Tjioeng Wanara njoeroeng ka wetan.

Tĕpi ka sisi tjai,
Seug eureun di dinja.
Toeloej boga ingĕtan:
„akang, hajoe oerang balik,
ieu watĕsna,
ngaranna teh Tji-pamali.”