Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/436

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
406

Dioedag koe Aki, handjat ka goenoeng Bangkati. Ti goenoeng Bangkati loempat deui handjat ka goenoeng Sawal, toeloej ka goenoeng Bongkok.

Dioedag-oedag bae koe Aki, toeloej ka goenoeng Padang.

Ari datang ka goenoeng Padang, hanteu kapanggih koe Aki panjoempit.

Lĕngis aja soara tatapi hanteu katingal.

Pilahir soara; „saha eta anoe ngoedag-ngoedag tjotjodan aing teh?”

Ngawalon Aki: „djisim koering”.

Pilahir soara: „ajeuna meudjeuh, koe maneh oelah dioedag-oedag noe aing.

Karĕp maneh atawa titihan pangoedag-oedag teh?”

Ngawalon Aki panjoempit: „noen, lain karĕp koering, piwarangan ratoe’’.

Lahirna soara: „ajeuna meudjeuh, oelah dioedag-oedag anoe aing."

Aki panjoempit gantjang moelang, lapor ka ratoe Bondan: „eta djaralang hĕnten beunang dioedag-oedag koe koering. Mimiti loempat ka koelon handjat ka goenoeng Bangkati, ti goenoeng Bangkati ka goenoeng Sawal, toeloej ka goenoeng Bongkok, toeloej ka goenoeng Padang. Datang koering ka goenoeng Padang, leungit djaralang, aja soara tan katingalan. Dohir[1] soara ka koering: „ajeuna oelah dioedag-oedag anoe aing”. Kitoe saoer soara ka koering”.

Ari dohiran ratoe Bondan: „hajoe, oerang oesir djeung aing ka goenoeng Padang bari oerang bawa njahi[2] Poerba sari, garwa ratoe, sarta oerang tjidra. Njahi Poerbasari oerang tangkodan lalajah padaharanana, soepaja kawas anoe reuneuh".

Prak disindjangan; geus kawas anoe reuneuh.

Toeloej ratoe Bondan djeung Aki panjoempit deui ka goenoeng Padang.

  1. = lahir.
  2. = njai.