Datang ka goenoeng Padang, dipariksa koe soara, pilahirna ka ratoe Bondan: „maneh, oerang mana?”
„Seemoehoen, oerang Bodjong lopang,” kitoe walonna Bondan.
Saoer soara; „rek naon maneh ka dieu?”
Ngawalon ratoe Bondan: „ngoeningakeun ien garwa ratoe keur bobot, pamégét atawa istri?”
Pilahir soara: „lalaki”.
Geus moelang bae ratoe Bondan djeung Aki panjoempit.
Geus tĕpi ka goenoeng Asih, ratoe Bondan nonggengan ka goenoeng Padang sarta „bohong”, pokna, „poegoeh IaIajah magah Ialaki".
Eta lalajah dipangpengkeun ka kaler, tiba di Kawali.
Geus soemping ka nagara Bodjong lopang, njata ngandĕg njahi Poerba sari.
Saoer ratoe Bondan: „oepama ĕnja mĕtoe ati tetesan kamoerahing poetraing, moega mangka saroepa djeung aing; oepama lain, moega mangka aja tjitjiren”.
Genus kitoe, tĕpi ka waktoena, njahi Poerba sari babar, boekti pamĕgĕt, tapi sipatna ka loehoer roepa andjing ari ka handap roepa manoesa[1].
Gantjangna, ladjĕng dikanagaän eta moerangkalih sarta dibaoeran beas saeutik, ĕndog sahidji, kalapa sahidji[2].
Di malĕm Djoemaäh toeloej dipalidkeun di Bodjong Tji-moentoer.
Ari Aki Balagantrang boga tataheunan sapan, pĕrnahan eta sapan di Tji-tandoej girangeun moeara Tji-moentoer.
Ari malĕm Djoemaäh Aki Balagantrang meunang impian. Ngimpi katindih langit, katinggang mega.
Barĕng ingĕt wantjina geus padjar, hoedang pada ngaromong djeung Nini Balagantrang padoeaän.
- ↑ Waaraan deze zonderlinge voorstelling van zaken, die aan Boedoeg basoe uit de Soelandjana doet denken, ontleend is, weet ik niet. Vermoedeljk is hier het hondje uit de pantoen bedoeld, dat instede van Tj. W. aan diens moeder wordt gebracht.
- ↑ Instede van den kris, wordt hier ontbolsterde rijst en een kokosnoot genoemd.