Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/438

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
408

„Aing, Nini, boga impian, ngimpi katindih langit, katinggang mega".

Pok deui Nini: „Aki, aing ge kitoe deui, moal teu tatahaneun oerang ajeuna geuat teang ka tjai".

Aki Balagantrang bral ka tjai.

Geus tĕpi ka sisi tjai, aja noe ngagĕboer, roepa tjahaja, dina kapek sapa.

Aki Balagantrang djolang-djeleng sĕmoe sieun.

Geus kitoe, diparantjahan koe Aki, pokna: „tjing, eta noe aja di tataheunan aing, oepama djoerig moedoe njingkir, oepama manoesa oelah aja keneh".

Tĕpi doea tiloe kali diparantjahan; tjitjing bae.

Disampeurkeun kana sapan aja kanaga tapi ditokot dina kapekna.

Toeloej dipanggoel, dibawa ka imahna.

Ana diboeka, dieusi moerangkalih pamĕgĕt sarta aloes, batoerna beas hidji ĕntik, ĕndog hidji, kalapa hidji, sarta Aki, Nini atoh katjida.

Oerang boga anak, eta beas dikanatampatnakeun, kalapa dipĕlak, ĕndog dibaoerkeun kana pabeasanana".

Oemoer toedjoeh poë toedjoeh peuting, eta kalapa bidjil sintoengna, ĕndog mĕgar djadi hajam djago bodas, soemawonna moerangkalih tea geus jasa oelin di imahna Aki, sisina dajeuh Bodjong lopang, sisi tjai ti kalerna.

Lila-lila, eta moerangkalih hajang naek kana eta kalapa tea.

Ditjaran koe Aki: „oelah, bisi ragrag".

Keukeuh bae naek, didjaga bae di handapeun kalapa koe Aki.

Tĕpi ka loehoer kalapa, eta moerangkalih ningali ngaler aja lĕmboer gĕde majapak.

Mariksa ka Aki: „itoe noe majapak di kaler teh, lĕmboer saha?"

Didjawab koe Aki: „lain lĕmboer, nagara".

„Nagara naon ngaranna?"