Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/442

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

412

„Tjing, ti dinja ajeuna oepama hĕnteu hade pĕrang ari madjoe ngoelon deui, ieu kakajoeanana peuntas wetan moega kasampak tjondong ngetan, sabeulah koelon mangka tjondong ngoelon”.

Geus kitoe: „hajoe, raka, oerang geus aso, oerang pĕrang deii”.

Ladjĕng deui njered ngetan; tĕpi kana tangkal kai, eureun deui.

Mariksa ka rakana: „eta kai nahaon ngaranna?”

Saoer rakana: „tangkal madja itoe”,

„Boeahna raos atawa hĕnteu?”

Saoer rakana hĕnteu raos, pahit”.

leu pinagaraeun raka Madjapahit”.

Ladjĕng ningali manoek.

„Eta manoek nahaon pingaraneunana djeung itoe noe goegoentajangan di loehoer, satoan nahaon ngaranna?”

Saoer rakana: „kakang hĕnteu tĕrang ngaranna koemaha rai bae”.

Saoer raina: „ari eta manoek ngaranna tjioeng, eta satoan ngaranna wanara, pinamaeun rai Tjioeng Wanara”.

Geus kitoe, mariksa deui ka rakana: „eta anoe ngarambat kana tangkal madja, areuj nahaon?”

Saoer rakana: „hariang pinamaeun raka Harijang banga”.

Geus kitoe, ladjĕng deui pĕrang.

Tĕpi ka Tji-pamali ningali panajogean, saoer rai: „tadi geus njata".

Ngalahir rakana: „ajeuna, rai, pĕrang geus meudjeuh, teu hade pĕrang djeung doeloer”.

Geus kitoe, ningali ka madhab kidoel ningali aja tjahja mantjoer soendĕk ka langit ing batara antek eta tjahaja leungit.

Ladjoe ngadoe enz.[1]

__________

  1. Plots gaat de schrijver hier over tot het inlasschen van een fragment uit het verhaaltje, dat ik in Badoejsche Geesteskinderen onder den titel van Oa djeung Aoel volledig gaf.