11
Pagaweanana tani, boga kĕbo dua puluh, sapetak kĕbon cabe. Boga anak hiji awewe.
Dina hiji mangsa ngomong ka pamajikanana: "Hayang boga minantu santri."
Ti diña manehna leumpang ka hiji kiai, ña ku kiai dibere hiji santri arek dipulung minantu.
Eta santri teu boga indung-bapa.
Eta santri daek dipulung minantu, tapi manehna talek ka bakal mitoha.
Lalakina ditaña koe bakal mitohana: "Talekna kumaha?"
"Talekna, bapa ulah marah, lamun marah, bapa ku kula dijual."
Ditarima ku bakal mitohana, lalakina talek kitu, tapi bakal mitohana talek deui.
Cek bakal minantuna: "Kade, ku kula ditrima; bapa rek talek: talekna kumaha, bapa?"
Cek bakal mitohana: "Minantu ogeh, lamun diparentah ku bapa, ulah marah; minantu, lamun marah, ku bapa ogeh dijual."
"Hade, ayeuna dikawinkeun."
Sanggeusna dikawinkeun, minantuna hanteu dibere reujeung jeung ewena, dititah hees di kandang kĕbo mani isuk.
Isuk-isuk ditaña ku mitohana, pokna: "Kĕbo teh aya kabeh; aya sabaraha siki?"
Cek minantuna: "Aya dua puluh siki."
Cek mitohana: "Kumaha, teu loba reungit?"
Cek minantuna: "Loba, bapa."
Cek mitohana: "Naon, minantu teu marah?"
Jawabna: "Ah, hanteu."
Tuluy eta kĕbo titah diangon ku minantuna.
Barang diangon di bubulak, kapanggih jeung tangkulak; dijual ku minantuna eta kĕbo sapuluh.
Sorena balik ngandangkeun eta kĕbo; bebeja ka mitohana eta kĕbo geus dikandangkeun, ku mitohana ditaña, pokna: "Aya kabeh eta kĕbo?"