Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
27

Barang nĕpi ka imahna, njarita ka pamadjikanana sakoemaha noe geus dilampahkean koe manehna sarta nembongkeun doeit lima ratoes roepia pamere toean toko tea.

Ma Moksel soeka katjida atoh doemeh salakina meunang doeit gĕde djeung dibere dagang rosa koe toean toko.

Ti waktoe harita Pa Moksel toeloej moeka warueng sorangan di lĕmboerna, dĕmi modalna nja djadi ngalanggan djeung toean toko di Batawi. Sagala barang-barang pamentana Pa Moksel diberean; dagangna Iakoe katjida.

Lila-lila, katjarita, nangkoda datangna ku waroengna Pa Moksel karĕpna arek balandja pidaganganeun.

Sabot keur balandja, nangkoda nanja ka Pa Moksel, pokna: „koemaha djalanna noe matak sampean bisa moeka waroeng sakieu gĕdena, barang-barang mani eujeub djeung araloes, toeroeg-toeroeg lakoe katjida. Naha, sampean boga naon djimatna?”

Pa Moksel toeloej njarita satĕroes-tĕrungna ka nangkoda moen manehna boga djimat dagang paparin ti eang oraj; tĕroes ditembongkeun djimatna ka nangkoda.

Nangkoda pĕrtjajaeun pisan ka Pa Moksel, toeloej bae ngadjak baseroe modal sarta bĕrsobat.

Koe Pa Moksel ditarima sakoemaha pikarĕpeunana nangkoda di rĕmpoegan; geus badami nangkoda toeloej balik.

Gantjangna, Pa Moksel djeung nangkoda geus prak baseroe modal, dĕmi nangkoda dagangna ka laoet ngadjoeal barang ka oerang kapal, ari Pa Moksel tĕtĕp dagang di waroeng sorangan.

Sanggeusna Pa Moksel moeka waroeng sarta beunghar, pamadjikanana aja kahajang, menta dipangneangkeun oetjing djeung andjing ingoeëun. Pokna: „hajang boga andjing hidji, oetjing hidji keur tjotjoöan”.

Koe Pa Moksel dipangmeulikeun oetjing hidji, andjing hidji, araloes katjida.

Prak dipiara, dipikanjaäh písan koe Ma Moksel, diwarah penggal poe oenggal peuting, soepaja djinĕk djeung itjeus.

Eta doea sato, andjing djeung oetjing, aritjeus katjida