Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

28

sarta naroeroet kana parentah doenoenganana kawas tata djĕlĕma bae.

Lila-lila, katjarita, nangkoda moenna dagangna di laoet teu pati lakoe, toeloej leumpangna ka waroeng Pa Moksel karĕpna ngindjeum djimatna.

Ana datang geus tĕpoeng djeung Pa Moksel, nangkoda njarita moenna dagangna di laoet teu pati lakoe.

Tjarekna: „sapedah ajeuna oerang geus baseroe modal, dĕmi koela dagang di kapal koerang lakoena, tjing eta djimat koe koela diïndjeum heula sakĕdap. Mangke geus doea tiloe poë, koe koela dipoelangkeun deui ka sampean.”

Gantjangna, koe Pa Moksel eta djimat dibikeun ka nangkoda.

Ana geus meunang djimat, nangkoda tĕroes balik.

Ti waktoe harita sanggeusna ngindjeum djimat, tara datang-datang ka waroengna Pa Moksel, toeroeg-toeroeg manehna djadi teu kira lakoe dagangna, ngan Pa Moksel roegi bae.

Pa Moksel njarita ka pamadjikanana, pokna: „koemaha, oerang sanggeus djimat diïndjeum koe nangkoda, dagangan oerang teu pati lakoe, roegi bae; koemaha njoesoelna eta djimat?”

Djawab pamadjikanana: „disoesoel ogeh, lamoen koe djalma mah tjoemah bae, tara beunang deui, sabab pikiran nangkoda teh djahat, tangtoe ngalawan padoe atawa djaoeh keneh ogeh geus njingkir, ajeuna mah taja deui ngan koedoe disoesoel koe oetjing djeung andjing oerang.”

Ti dinja, sanggeusna badami, toeloej eta andjing djeung oetjing piaraän teh ditjaloekan, dititah njaroesoel nangkoda tea njokot djimatna.

Oetjing djeung andjing toeloej laleumpang.

Ana datang ka sisi laoet, toeloej nendjoan kapalna nangkoda tea.

Teu lila geus kapanggih, oetjing ngomong ka andjing, pokna: „sia noe ngodjaj, mangke aing noe noempakan.”