Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

53

Barang tĕpi ka imah Ki Djasa, kabĕnĕran Ki Djasa eukeur njihaneut; ladjoe bae njihaneut reudjeung.

Ladjoe Ki Djasa nanja: „koemaha, bareto mantjing meunang laoekna?”

Ngadjawab Ki Djadoel: „laoek mah, hanteu meunang, ngan oerang koe Allo diberean gagah, oerang ogeh noe boga diri, hanteu njana diri oerang gagah.”

Ladjoe Ki Djasa nanja: „koemaha gagahna?”

Tjek Ki Djadoel: „kadang maoeng noebroek ka oerang, oerang kĕlid, hanteu keuna oerang ditoebroek; maoeng ragrag ka sisi nimpah kana boehaja, ladjoe pasea djeung boehaja.”

„Geus lila pasea euweuh noe eleh, euweuh noe meunang, oerang teu tega. Ladjoe oerang toeroen dipisahkeun; maoeng ditjĕkĕl koe leungeun katoehoe, boehaja ditjĕkĕl koe leungeun kentja, ladjoe papisah.”

„Maoeng loempat ka leuweung, boehaja loempat ka djĕro tjai; maneh tangtoe mohal wani.”

Djawab Ki Djasa: „poegoeh bae oerang mohal wani, ngan soekoer bae beunang koe Allo boga doeloer gagah.”