Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

52

Ĕnggeus ngomong, Ki Djasa pamitan balik ka imahna.

Barang isoekna, Ki Djadoel toeloej dangdan, mawa pantjing, njoren golok; toeloej bral leumpang mantjing.

Hĕnteu lila nĕpi ka ĕnggon mantjing, toeloej Ki Djadoel naek ka ĕnggon mantjing. Eta ajoenan tea ditalikeun kana areuj, beunang dikatĕngahkeun beunang dikasisikeun.

Hanten lila datang maoeng di sisi tjai njampeurkeun Ki Djadoel.

Koe Ki Djadoel ajoenan dikatĕngahkeun.

Barang Ki Djadoel neuleu ka handap, aja boehaja.

Ki Djadoel atina soesah, mikiran koemaha akalanana djadi salamĕt.

Si maoeng samingkin marah nĕlik lagana Ki Djadoel, poendĕlak-poendĕlik matana bari roendat-rindat halisna.

Ki Djadoel samingkin tĕlik matana nĕlikkeun lagana maoeng, sieun gĕbroeg, sieun gĕbroeg.

Geus kitoe, si maoeng teu tahan sabar, ladjoe gĕbroeg dibĕbĕroek bari dihontal hanteu kahontal, garoeboeg ragrag ka tjai si maoeng, nimpah kana boehaja.

Boehaja kaget bari ngarontok; patarik-tarik toengtoengna, toeloej pasea.

Geus lila, Ki Djadoel soesoerakan bari njaboet golok.

Njaboet golok eta, leungeun ka loehoer barina soerak, teu kadeuleu golok seukeut naradjang kana areuj tali ajoenan; bĕset, pĕgat.

Ki Djadoel toeloej ragrag ka handap nimpah maoeng noe keur pasea.

Maoeng kaget, boehaja kaget; maoeng naek, boehaja teuleum.

Ki Djadoel leuih balangsak ngarandang ke loehoer ka sisi, pakean tjiproek baseuh, ngadaregdeg datang ka loehoer, Jeumpang poelang eureun-eureunan sabab tina baloeas tea.

Katjarita Ki Djadoel geus sĕgĕr.

Ladjoe dangdan, make badjoe, djas, tjalana sontog, tjĕkĕl toengkĕt, toedoeng make dipengpĕlekkeun; ngalaga tjara noe gagah, leumpang ka imah Ki Djasa.