Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

51

„Geus tiloe poë lilana, karak koe laoek disanggoet, dibawa ka tĕngah, boesoesoet; boesoesoet toedjoeh kali.”

„Parahoe teh kabawa koe laoek beurang peuting, lilana pat poeloeh poë, opat poeloeh peuting.”

„Koela geus teu ingĕt kaler-kidoel, maso Allo, tjek rasa dina ati, asa mohal kapanggih deui djeung indoeng baroedak.”

„Waktoe harita hanteu dahar, hanteu nginoem, manggih balangsak kabina-bina.”

„Barang ingĕt, ngaragap ka loehoer; diragap teh bĕje-bĕje, horenganan eta noe bĕje teh langit.”

Ki Djasa ngahoelĕng bĕngong, salila-lila hĕnteu ngomong.

Barang geus lila, ladjoe Ki Djasa nanja ka Ki Djadoel, pokna: „ari kitoe, langit teh kawas parioek ari di sisi mah handap?”

Ki Djadoel ngadjawab: „eh, Ki Djasa, maneh oelah sok heran ka koedĕrat iradatna Allo, pan Allo mah noe kawasa, anoe loehoer didjieun handap.”

Ki Djasa hĕnteu ngomong deui.

Hidji waktoe Ki Djasa njaba ka imah Ki Djadoel; kabĕnĕran Ki Djadoel keur di imah.

Ladjoe Ki Djadoel nanja ka Ki Djasa: „arek ka mana maneh?”

Djawab Ki Djasa: „hĕnteu, koela rek oelin bae ka imah maneh, hajang njaho koemaha ajeuna, rĕsĕp keneh kana mantjing?”

Ngadjawab Ki Djadoel: „poegoeh bae masih rĕsĕp, ngan ajeuna oerang rada njĕri kana diri, sabab oerang diarah maoeng djeung diarah boehaja.”

Ki Djasa toeroet nanja: „ajeuna koemaha pikiran maneh?”

Ngadjawab Ki Djadoel: „oerang mah ajeuna ngadoekeun, paroentoengan bae koemaha takdir Allo bae.”

„Isoekan oerang eudeuk leumpang-deui mantjing, pikir oerang, moestahil manoesa eleh akal koe satona. Oerang eudeuk njieun ajoenan ditalikeun kana areuj di sisi tjai, koe maoeng oelah kahontal, koe boehaja oelah kadjantra; mawa golok anoe seukeut.”