Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

59

Mangsa harita koe indoeng-bapana rek dilakiankeun ka bangsana deui, ngaranna Landak sarab.

Barang piïsoekaneun rek dipangantenkeun, datang hidji peutjang ngaganggoe ka pipanganteneun, dipaling koe peutjang, dibawa ka noe soeni, datang ka beunang diparawanan.

Bapana djeung piminantoeëunana ngarambĕk ka peutjang.

Gĕr pada ngĕpoeng, pada ngoedag djeung sabatoer-batoerna; si peutjang rek pada maehan.

Si peutjang sieuneun, loempat sakaloempat-lampet; meh kasoesoel koe landak.

Tina bakating koe sieun, si peutjang loempatna, katalandjoer bras bae ka sisi waloengan gĕde, anoe loba boehajana.

Ana datang ka dinja, tjampĕgo bae ngahoelĕng bawaning tjape. Arek meuntas, hanteu bisa; ari rek balik deui, sieun koe landak.

Barang keur mikiran pidjalaneun, pĕntjĕngkoel boehaja, moentjoel di hareupeun manehna pisan.

Si peutjang kaget djeung goemĕtĕr mani noroktok, ngadegdeg reuas nendjo boehaja gĕdena kabina-bina, tjalawak rek njantok ka manehna.

Si peutjang ngomong bari njĕntak pokna: „hih, boehaja, maneh oelah njingsieunan ka aing, mangke rek dibere kahakanan noe matak seubeuh koe kami. Ajeuna soekoer kabina-bina kami bisa papanggih djeung maneh, eukeur mah didago-dago ti tadi.”

Boehaja ngadjawab basana: „naha sia ngomong kitoe, arek naon ngadago-dago ka aing, da aing mah di dieu soteh keur neangan hakaneun.”

„Malah ajeuna aing atoh pisan, lapar ti kamari hajang barang hakan, teu manggih anak monjet-monjet atjan hakaneun. Bĕt kabĕnĕran aja maneh, ajeuna maneh tangtoe dihakan koe aing, geus nĕpi ka djangdji manĕh koedoe djadi milik aing.”

Peutjang ngadjawab sĕmoe manis djeung ngolo-ngolo pokna: „ih, mas boehaja, lain kitoe, koedoe manahan heula