Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

60

koe andjeun noe leuih pandjang, oepama sampean dahar kaoela, dirasa-rasa noe matak warĕg karana awak kaoela teh sakieu leutikna, boro-boro bisa mahi djeung keur batoer- batoer sampean, andjeun ogeh hamo warĕg, tangtoe hajang keneh.”

„Ari noe matak kaoela ka dieu, satĕmĕn-tĕmĕnna dioetoes koe kangdjĕng radja nja eta dipiwarang ngoempoelkeun sakoelawarga sabatoer-batoer sampean koedoe beunang itoenganana. Sabaraha reana boehaja noe aja di lĕbah dieu, koe kaoela rek dibilang, mangke lamoen geus kaitoeng, koe kangdjĕng radja bakal dibagi dahareun noe boeat tjoekoep matak seubeuh ka sampean djeung ka batoer-batoer sampean.”

„Malah ajeuna ogeh, kangdjĕng radja ker miwarang meuntjitan sapi djeung kĕbo, nja eta keur baris parab sampean djeung sabatoer-batoer sampean.”

„Ajeuna mah, anggoer geura prak koempoelkeun sabatoer-batoer sakoer noe aja di lĕbah dieu, koe kami arek dibilang laporkeuneun ka radja, da kami teu meunang lila di dieu.”

Djawab boehaja: „ah, naha ĕnja, mas peutjang, lamoen estoe mah sasaoer sampean kitoe, kaoela atoh katjida, malah ajeuna pisan koe kaoela rek dikoempoelkeun batoer-batoer soepaja djogo kabeh di hareupeun sampean.”

Tjarekna peutjang: „hih, kami mah tara bohong kakapeungan, hamo ĕnja ngabobodo ka maneh.”

Sanggeusna kitoe, boehaja pĕrtjajaeun pisan ka si peutjang, samaroekna ĕnja.

Ti dinja lĕkĕtĕp bae si boehaja teuleum.

Hanteu koengsi lila geus tingparĕntjĕngkoel boehaja, sapirang-pirang koempoel ngaberes di hareupeun si peutjang.

Tjarek si peutjang: „mangka beres djadjaranana, sing lĕmpĕng nĕpi ka sisi ti ditoe, oelah anggaresol, koe kami arek dibilang.”

Ti dinja, tjleg si peutjang atjleg-atjlegan laloentjatan dina hoeloe boehaja bari poera-poera milang pokna: „satoe, doea, tiga, ampat, lima,” satoeloejna.