Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

61

Barang geus nĕpi ka noe pangsisina, djlĕng tĕrĕlĕng bae si peutjang loempat barina soesoerakan soesoembar pokna: „hojah, hojah si boehaja beunang dibobodo koe aing, aing mah milang soteh hajang meuntas.”

Boehaja tingkalĕtjĕboer, arambĕkeun dibobodo koe si peutjang aroepatanana kieu: „keun bae sia dikalakkeun koe aing, diarah saooemoer-oemoer sapiriroempi, saänak intjoe sia.”[1]

Ti dinja si peutjang tĕroes loempat ka leuweung; geus salamĕt tina bahlana ti boehaja djeung landak.

Barang nĕpi ka leuweung, prak manehanana ngeureunan tjape di gigireun tjatang gĕde.

Dĕmi eta tjatang di tĕngah-tĕngahna gorowong, aja liangan samontjor peutjang.

Ari manehna keur njarande ngioehan kana tjatang, bĕt nendjo anak maoeng doea lalĕntik keneh noe keur aroelin: koe indoengna ditinggalkeun keur balangsiar.

Toeloej koe si peutjang disampeurkeun anak maoeng teh bari ditanja pokna: „keur naon sia, baroedak, di dinja, ka mana indoeng sia?”

Djawab anak maoeng: „teu sing, kami mah keur oelin bae, naha, rek naon nanjakeun indoeng kami?”

Djawab si peutjang: „hanteu, tadina, lamoen aja rek ditjawenean koe aing.”

Anak maoeng teh arambĕkeun ka si peutjang, tapi teu waranieun ngalawan wantoening laleutik keneh.

Ari omongna: „hag, sia, mangke lamoen indoeng aing geus datang, rek dibedjakeun.”

Si peutjang harita ngaleos ka leuweung.

Hanten koengsi lila, torodjol indoengna maoeng teh datang njampeurkeun ka anakna bari rek njoesoean.

Anak maoeng aralewoh bebedja ka indoengna moen aja

——————————

  1. Anoe matak nĕpi ka kiwari peutjang mah arang noe oelin ka sisi tjai gĕde, sabab dikalakieun koe boehaja; nja eta lantaran manehna ngabobodo ka boehaja djadi patjadoeanana njaba ka sisi tjai gĕde.