Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

62

peutjang rek njaloentang, rek ngoenghak ka indoengna.

Indoeng maoeng ambĕkeun katjida ka si peutjang bari ngatak-ngatakkeun pokna: „keun sia, mangke, lamoen datang deui, koe aing rek dikĕrĕwĕs, dihakan; ajeuna rek diïntip.”

Ti harita si peutjang ditoenggoe-toenggoe koe indoeng maoeng, tapi teu datang.

Leos deui bae indoeng maoeng teh, njaba deui njiar hakaneun.

Hĕnteu lila, djol si peutjang datang deui njampeurkeun ka anak maoeng; tĕroes nanja deui kawas noe geus kalampahan kamarina.

Didjawab koe anak maoeng moen indoengna teu aja, keur balangsiar.

Si peutjang nja kitoe deui bae omongna: „lamoen aja, indoeng sia rek dipake pamadjikan koe aing.”

Anak maoeng beuki poesing bae, ambĕkeun ngan teu wani ngalawan.

Si peutjang geus ngaleos, goeroedag indoengna datang; baroedakna barebedja deui sĕmoe arambĕkeun pisan.

Indoengna nja kitoe deui.

Sanggeusna kabedjaän koe anakna mani tikakĕrĕkĕt, hoentoena garĕgĕteun bawaning keuheul ambĕkna ka si peutjang, mani hajang ngĕrĕwĕs ngahakan.

Isoekna manehna teu njaba deui, sapoë tjitjing dina roengkoen ngintip si peutjang.

Barang kira-kira tĕngah poë, datang sipeutjang njampeurkeun deui ka anak maoeng pok deui kos sasari.

Ari tjek anak maoeng: „euweuh ĕma, keur balangsiar.”

Tjek si peutjang: „handjakal, oenggal-oenggal aing ka dieu sok njampak soewoeng; moen aja mah, koe aing rek ditanjaän, rek dibawa kana paroengpoeng.”

Barang si peutjang keur ngomong kitoe, didodoho koe indoeng maoeng bari ditĕgor pokna: „hajoh, sia beunang koe aing, ajeuna mah rek dikĕrĕwĕs.”