Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
69

6. Ki Miskin Jadi Ratu.

Kocapkeun waktu keur jaman baheula aya sahiji jalma malarat, tukang menta-menta.

Geus sababaraha poe balangsiarna teu jasa beubeunangan, datang ka tujuh poe tujuh peputing ngalalu teu baranghakan.

Barang nĕpi ka hiji kampung, kabĕnĕran aya nu mere gula sakerek ti tukang nyadap.

Ki miskin atoheun kacida meunang eta gula, tapi ku manehna hĕnteu didahar sabab kareueut teuing jeung manehna teu boga sangu.

Ari pikiranana sugan bae eta gula mangke aya nu meuli, duitna keur meuli sangu sabab saya pisan nu mere sangu atawa kahakanan anu sejen.

Eta gula tuluy bae ku Ki miskin dibubungkus dikakandung.

Ana dibuka rek dihakan tina kalangkung laparna, gulana digĕmbrong sireum.

Gula leëh, wantu gula rada ngora godog.

Tuluy ku manehna dipoëkeun dibĕbĕrĕsihan; sireumna geus paraeh geus dipiceun tĕrus gulana dibungkus deui, teu tulus dihakan.