Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
70

Barang nĕpi ka hiji jalan, beh papanggih jeung nu dagang bacang. Gulana ditukeurkeun, meunang bacang sahiji, tĕrus dibawa leumpang deui bari dicoö-coö.

Tapi Ki Miskin teu wanieun ngahakan bacang, sabab tacan pisan manggih sangu, sieuneun nyĕri beuteung.

Ti dinya tuluy bae indit deui ari karĕpna eta bacang rek ditukeurkeun kana sangu atawa dijual kana duit, sugan aya nu meuli.

Barang nĕpi ka hiji lĕmbur, kabĕnĕran aya hiji awewe nu keur nyiram. Eta bacangan Ki Miskin dijual opat duit ka anu keur nyiram.

Ari geus meunang uang opat duit, Ki Miskin tuluy bae leumpang deui.

Barang geus jauh leumpangna, beh manggih deui hiji lĕmbur.

Di dinya manehna nenjo jĕlĕma nu keur nareunggeulan oray paeh.

Ku Ki Miskin geuat diburu bari gĕgĕroan nanya, pokna: "Aya naon, aya naon?"

Jawabna nu keur nareunggeulan oray teh: "Ah, maneh tatanya teuing. Naha, teu kadeuleu ku maneh, ieu, oray, nu keur diteunggeulan ku kami teh. Naha, rek naon?"

Tjeuk Ki Miskin: „aih, lain kitoe. Koemaha lamoen koe koela dibeuli bae doea doeit, tapi oelah toeloes dipaehan sabab karoenja djasa; soegan reugeudjeug deui.”

Djawab noe keur neunggeulan oraj: „aih, nja, seug teuing atoeh ari rek dibeuli mah, tong dibeuli ogeh, koe kami mo tilok dibikeun da di kami mah taja pĕrĕloena ieuh.”

Geus kitoe, koe Ki Miskin toeloej dibajar doeit, dĕmi orajna ditjokot, diwadahan dina roeas make tjai, soepaja eta oraj tiïs di djĕro roeas.

Ti dinja Ki Miskin toeloej leumpang deui, doeitna ngan tinggal doea doeit deui.

Barang nĕpi ka hidji waroeng, manehna njampak toekang waroeng ngoedag-ngoedag anak monjet. Dibĕbĕrik rek