Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

71

dipaehan sapedah sok malingan tjaoe djeung sagala kahakanan dagangan ti waroengna.

Datang ka beunang anak monjet teh djeung rek dipaehan, Ki miskin loempat njampeurkeun bari nanja, pokna: „eh, agoes, koe naon, dosana noe mantak eta monjet rek ditjĕkekan? Aloek si koe koela bae dibeuli doea doeit, tong dipaehan, njaäh, koe koela rek diingoe”.

Dawab toekang waroeng: „top bae lamoen rek dibeli mah. Tadina rek dipaehan koe kami, sabab djahat; ilok malingan dagangan ti waroeng kami mani rek beak, kami mah pagon gĕmĕs ka eta monjet teh.”

Geus kitoe, prak dibajar koe Ki miskin doea doeit.

Monjetna seug ditarima, diais koe samping manehna. Toeloej bae leumpang deui ngais monjet; tĕroes sakaleumpang-leumpang hanteu aja noe disĕdja.

Katjarita eta Ki miskin leumpangna kasasar ka leuweung anoe djaoeh ka pilĕmboeran.

Di dinja gĕr hoedjan gĕde, gĕlap dor-dar, reup datang ka peuting.

Manehna ngioehan di handapeun tangkal kiara djeung monjet, katiloe orajna.

Barang isoekna, braj beurang. Roeas orajna diboeka dikaloearkeun eta oraj geus tjageur deui, djagdjag, tanginas kawas biasa sasari.

Ki miskin oelin di handapeun kiara bari ngoesapan monjetna djeung njoö oraj, pok ngomong kieu: „tjing, sia sing araja pasanggoepan, sing aja moenat pedah rek paraeh, koe aing geus ditoeloengan, didjait tina balai”.

„Ajeuna aing hajang njaho, naon pasaranggoep sia ka aing, sapedah aing ajeuna keur dina djĕro sangsara”.

Oraj teh ngadjawab, tjara djĕlĕma pokna: „beu, djoeragan, koela tarima pisan reh geus ditoeloengan koe adjĕngan didjait tina balai, datang ka bisa waloeja deui. Tatapi koela teu bisa moelang tarima naon-naon, ngan ieu gadoeh jimat doea siki, saroepa siki waloeh djeung siki samangka”.