Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

77

Nji randa kolot reuaseun pisan, sieuneun ditinggalkeun koe anakna djawabna: „boesoet djaloe, oelah kitoe. Kadjeun, ajeuna ĕma rek ngeureujeuh, ari keukeuh kĕdeuh mah koedoe ngadeuheusan ka radja arek wajahna bae isin-isin ogeh.”

Ari isoekna nji randa kolot toeloej indit leumpang ka nagara.

Barang datang ka babantjong aloen-aloen, hĕnteu tatanja heula, tĕroes bae ka lĕbĕt padalĕman.

Gĕr bae pada nangkĕp, goelang-goelang djeung oepatjara disanggakeun ka pajoeneun pĕrĕboe.

Nji randa kolot ngadegdeg djeung doemareuda tjeurik tina bawaning sieun djeung isin.

Barang kitoe kaoeninga koe pĕrĕboe aja nini-nini direreang dibawa ka pajoeneunana, pĕrĕboe kaget bari ngalahir saoerna: „nini-nini ti mana ieu dibawa ka pajoeneun aing, nahaon dosana mana ditangkĕp?”

Djawab goelang-goelang: „noen, daoeh goesti, teu atjan diparios koe djisim abdi; anoe mawi ditangkĕp rek torodjog tampa larapan ka lĕbĕt.”

Pĕrĕboe malik mariksa ka nini lahirna: „nini rek naon kita mana asoep ka padalĕman?”

Nji randa kolot ngadjawab djeung tjeurik, pokna: „poegoeh oeing teh didjoeroengkeun koe Ki Miskin ngadeuheus ka goesti soegan katampa sarĕng dipaparinkeun. Dititah nanjaän toeang poetra, njai poetri, pokna: poen anak, Ki Miskin, arek didjieun bodjo pedah manehna tatjan boga pamadjikan.”

„Sakitoe geh oelah bĕndoe, goesti, ka oeing, da oeing ieuh darma soekoe, samboeng leumpang, biwir samboeng lemek ngalakoekeun titahan.”

Radja goemoedjĕng raoeh garwana, lahirna: „adoeh, njai, anak oerang bĕt boga milik aloes-aloes teuing, geus poegoeh ing para radja pada nanjaän. Eta indoeng Ki Miskin dititah nanjaän koe anakna anoe lain pantĕsna lain pĕrnahna, eta mah koemaha karĕpna si njai bae ngadjawabna mah ka amboe Ki Miskin.”