Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

78

Barang radja keur sasaoeran kitoe, sĕmpal goejoer djeung iboe poetri, poetri oendjoekan ka ramana di hareupeun amboe Ki Miskin, pioendjoekna: „soemoehoen, ama, ari tjara diri abdi mah, soemawonna pangkat radja sanadjan Ki Miskin ogeh, teu djadi sawios-wios, ngan soepados tiasa ngalaksanakeun kana saembara ama tea.”

„Sarĕng panĕda abdi ka poen Miskin, lamoen manehna ngajakeun nagara anjar raoeh sapangeusina sarĕng djalanna dikeusik koe pĕrmata kajaning djambroet, angkik sarĕng lain ti eta nĕpi ka nagara oerang, eta soemangga pisan oelah bon siang sanadjan wĕngi koe abdi kantĕnan ditampi pisan.”

Radja ngalahir ka Nji randa kolot daoehanana: „tah, geuning amboe Ki Miskin, kadenge koe maneh kitoe eta pamoendoetna anak kami, teu koengsi dipariksa deui koe aing, geuning geus djawah sorangan. Djig, maneh geura balik, bedjakeun ka anak maneh, moen aing ajeuna saembara, mangke lamoen anak maneh bisa meunangkeun manoek djimat roepa titiran sakĕmbaran noe dikĕlat di loehoer tjaringin koeroeng sarta koedoe katiïr matana koe panah, eta pasti koe aing dipoeloeng mantoe djeung didjĕnĕngkeun radja di nagara ieu.”

„Tapi moen anak maneh teu bisa njaosan kana saembara aing, tangtoe dihoekoem djeung awak maneh, sabab maneh lantjang koemawani nanjaän ka anak ratoe.”

„Los, ajeuna geura balik, bedjakeun ka anak maneh sakoemaha pamentana anak aing.”

Ti dinja Nji randa kolot toeloej indit barina tjeurik, pikirna sieun katjida diteukteuk beuheung Iamoen teu bisa katjaosan sapamoendoetna poetri raoeh radja.

Tĕroes balik ka imahna.

Barang datang, prak njarita ka Ki Miskin bari doemareuda tjeurik, kabeh sakoemaha daoehanana pĕrĕboe ratoe sarĕng poetri.

Ki Miskin seuri bari ngomong pokna: „hih, ĕma, montong sieun-sieun teuing karek sakitoe bae mah. Oeing mah teu gimir ieuh, keun bae oeing sanggoep.”