Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

79

Sanggeusna kitoe, isoekanana Ki Miskin toeloej indit ka kĕbonna mĕlakkeun djimatna siki waloeh djeung samangka tea.

Barang ĕnggeus toedjoeh poë lilana, njata pisan waloeh djeung samangka teh geus baroeahan sarta galĕde pisan, tatapi ngan satangkal sahidji boeahna, nja eta waloeh sahidji, samangka sahidji.

Toenda tjarita Ki Miskin.

Katjaritakeun radja noe toedjoeh nagara tea. Sadajana geus pada narampa soerat pangwalon ti pĕrĕboe Linglang Boeana, oengĕlna geus pada ngartos moen eta radja bade ngadĕgkeun saembara.

Para radja sadajana sami pada boengah hate, sabab lamoen hĕnteu dikitoekeun, tangtoe sami sisirikan.

Gantjangna tjarita, radja-radja anoe toedjoeh nagara geus pada marĕpĕk balad, sarta tĕroes masing-masing ngadjoegdjoeg ka nagara Linglang boeana.

Sadongkapna geus pada marasanggrahan di sirah nagara.

Enggal bae, pĕrĕboe ratoe nimbalan ka raden patih miwarang ngoempoelkeun bala tantara.

Para boepati, pramantri saraoeh para ponggawa geus pada koempoel sadajana.

Sanggeus koempoel, ladjĕng miwarang nabeuh tanggara. nakol bĕnde di aloen-aloen ngoearkeun saembara tea.

Barang isoekna, dĕr pesta; njeungeut mariĕm tangara mangkat saembara.

Para radja geus prak pada marĕntangkeun panahna kana manoek titiran bodas noe aja di loehoer tjaringin koeroeng.

Sigeug anoe keur rame saembara.

Katjaritakeun Ki Miskin.

Barang kira-kira geus tĕngah peuting, manehna toeroen ka boeroean njampeurkeun monjetna bari ngomong, pokna: „sakadang monjet, koemaha ajeuna? Oerang geus nĕpi kana woekoena, karĕp koela isoekan hajang miloe asoep kana balabar kawat reudjeung saembara tea; koemaha, sanggoep sampean?”