Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

80

Djawab monjet: „ih, montong soesah, keun bae koemaha kaoela. Mangke, lamoen sampean keur mĕntang, kaoela rek naek kana tangkal tjaringin deukeut eta manoek, djamparingna koe kaoela rek disanggap, ditjotjogkeun kana mata manoek. Tapi djamparing andjeun koedoe ditjirian, soepaja kaoela awas djeung soepaja oelah pahili.”

Tjek Ki Miskin: „noehoen atoeh ari kitoe mah, tapi koela masih soesah keneh, sabab tatjan aja panahna.”

Tjarek monjet: „hih, tahi tjeuli katjang damen, gampang teuing sakitoe-kitoe bae mah. Ajeuna dagoan koe sampean sakeudeung, kaoela rek njokot heula panah ama, djimat nagara; kaoela geh mo lila.”

Barang geus ngomong kitoe, monjet toeloej loempat.

Hĕnteu lila, kira-kira sadjongdjongan, geus datang deui mawa panah katoet djamparingna ngan hidji; sok dipasrahkeun ka Ki Miskin.

Ari ĕnggeus braj beurang, Ki Miskin bebedja ka indoeng poeloengna moen rek laladjo saembara.

Tjek Nji randa kolot: „hade rek laladjo saembara mah, didoa’keun pisan koe ĕma masing beunang, sabab lamoen agoes teu meunang, mangke tangtoe oerang dihoekoem koe radja.”

Djawab Ki Miskin: „nja, menta doa’na ĕma bae, moega-moega masing meunang, oelah datang ka loepoet.”

Bari toeloej manehna indit djeung monjetna tea.

Gantjangna tjarita, Ki Miskin geus prak miloe kana balabar saembara.

Dĕmi para radja noe toedjoeh nagara tea, teu aja noe bisa meunangkeun kana manoek titiran tea, mĕntangna taja noe keuna wantoening manoek djimat, toeroeg-toeroeg Iain pidjodjoeunana ka poetri.

Enggalna, barang Ki Miskin keur mĕntang panahna, teu kanjahoan koe noe sedjen, terekel bae monjet teh naek; geus aja di loehoer tangkal tjaringin, tjitjing di toekangeun koeroeng manoek tea, tapi teu aja noe bisa ningal, kawantoe monjet siloeman.