Lompat ke isi

Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

82

Sanggeusna oendjoekan, tĕroes Ki Miskin moelang.

Barang datang ka imahna, prak bebedja ka indoeng poeloengna moen saembarana meunang, sĕrta katampi koe radja.

Nji randa kolot atoheun pisan, soekana kabina-bina, omongna: „hĕnteu njana ngabogaän anak sakti.”

Ti dinja Ki Miskin toeloej toeroen ka boeroean bari mawa waloeh djeung samangka tea; prak dibeulah.

Ana braj waloeh ditarok, bĕt teu kanjahoan deui, Ki Miskin djeung indoengna geus aja di djĕro gĕdong anoe sakitoe aloesna djeung agrengna kawas gĕdong karadjaän.

Seug samangkana dibeulah deui.

Ana braj samangka ditarok, bĕt teu kanjahoan deui, ĕnggeus eujeub gĕdong teh pinoeh koe doenja barana, sapangeusi imah, tatangga soemawonna djalma-djalma pasoeliwĕr pangiling gisik anoe asoep noe ka loear rame di djĕro gĕdong. Boeroeanana dikeusik koe roepa-roepa pĕrmata; djalan gĕde kitoe deui geus sajagi sapamoendoetna nji poetri tĕroes ka aloen-aloen nagara Linglang boeana.

Ki Miskin, barang ningal geus sadia, gantjang bae njokot panganggona karadjaän.

Prak dianggo, geus tjakĕp sĕrta soeroep sapĕrti radja bae.

Nji randa kolot pou kitoe deui; ĕnggeus disalin pakean, salin roepa, ngora deui kos poetri parawan bae; asal peot djadi peungkeur deui.

Barang geus kitoe, Ki Miskin njaoer ka monjet nitah ngoempoelkeun ponggawa, balad-baladna.

Sanggeus karoempoel sadajana, ladjĕng ngalandi ngaran koe andjeun saoerna: „ajeuna kami saksian koe sarerea, ieu nagara dingaranan nagri babakan Kalinglang, dĕmi kami anoe boga nagara, ngaran pĕrĕboe Mangkoening rat, ari ĕma, eta indoeng poeloeng kami, ditĕlahkeun iboe ratoe, nja eta kami poetrana koedoe njaho sarerea.”

„Ari ieu doeloer kami, njeta monjet soesoeroepan, koe kami ditĕtĕpkeun djĕnĕng papatih di nagara ieu, dĕmi djĕnĕnganana koedoe nĕlah Patih Kalangan kanoman; sakitoe bentara kami ka sarerea.”