Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

83

Sanggeus radjana nimbalan kitoe, gĕr bae pada saroerak, sami-sami ngiring soeka sadajana.

Barang geus pĕpĕk sadia, enggal bae, radja anom miwarangan ka den patih, njaoeran opat ponggawa noe baris ngabantoen sĕrat ka ratoe sĕpoeh Linglang boeana, oengĕl ing sĕrat ngoeningakeun moen geus sajagi sapamoendoet agan poetri.

Gantjangna tjarita, geus sadia sĕratna djeung opat ponggawa noe baris miang; tĕroes ditimbalan, indit harita ngadeuheus ka ratoe sĕpoeh,

Hénteu ditjatoer di djalanna ; katjarios opat ponggawa, geus dongkap ka padaléman, téroes ngadenheus ka ratoe sĕpoeh.

Ratoe Linglang boeana, barang nampi sĕrat ti ratoe anom, oengĕlna geus kamanah, kaget pisan ningal salĕbĕt ing sĕrat, Iahirna: „hanteu njana soegan teh miskin loemajan, malarat noe saĕnjana, mana horeng miskin soteh sasanglingan mararat noe poepoelasan.”

Njatana mah sangratoe anoe keur njamoer, dewata noe njamar akal, nja noehoen sarewoe bae si njai aja milikna meunangkeun pitjarogeëun anoe sakitoe saktina leuih ti radja noe rea.

Enggalna, harita keneh ratoe sĕpoeh geus miwarang njajagikeun kareta baris toengganganeun saraoeh para ponggawa, pramantri koedoe ngiring sadajana bade djĕngkar ka nagri babakan Kalinglang.

Sanggeusna sadia kareta baris titihan, ratoe ladjĕng djĕngkar harita; paramantri djeung ponggawa sadaja taroenggang koeda.

Raden patih, anoe djadi palatoekna, nitih koeda daoek roejoeng, angkat pajoenan, kareta diaping opat bopati djeung dalapan oepatjara.

Teu ditjatoer di djalanna; geus soemping ka nagri babakan Kalinglang.

Barang soemping ratoe sepoeh, raka-rai kalangkoeng kaget ningali kasaktianana radja anom sagala ĕnggeus sajagi taja pisan kakoerangan.