Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

85

Gantjangna, raden patih ngaleungit ti nagara ngadjoegdjoeg ka ramana, menta toeloeng soepaja disajagikeun balad-balad siloeman djeung sasatoan.

Enggalna, ĕnggeus sadia; baladna mangjoeta-joeta, teu aja bilanganana tina kareaänana.

Harita geus baroeboel, koempoel kabeh ka nagara Linglang boeana.

Kotjapkeun isoekna gĕr ngadĕgkeun tangara pĕrang; moesoeh sarĕng lawan sami wanina, geus pada ngadĕg bandera beureum.

Gĕr pĕrang rame katjida; balad pada balad geus tjampoeh, taja hinggana.

Dĕmi palatoekna djago pĕrang ti nagri Kalinglang, nja eta anoe gagah pĕrĕkosa raden patih Kalangan kanoman, monjet soesoeroepan tea.

Katjarios ramena pĕrang.

Lawan raoeh moesoeh, balad mangjoeta-joeta, mangkĕti-kĕti geus tjampoeh, teu poegoeh atoeranana.

Moenggah ear:

soerakna ambal-ambalan,
bĕdilna kawas borondong,
mariĕm taja hinggana,
awang-awang moenggah poëk,
poëk koe haseup bĕdilna,
boemi alam asa gendjlong,
koe mariĕm djeung noe soerak.

Medan pĕrang geus djadi sagara gĕtih tina loba anoe tatoe djeung paëh.

Kakotjapkeun bala-bala radja noe toedjoeh nagara ampir seëp, tinggal satĕngahna deui, sabab rea anoe paëh djeung noe maboer.

Ari balad ratoe anom sasiki taja noe mati, kawantoe balad tjiptaän djeung siloeman, ngan loba noe paëh teh balad sasatoan tjandakna patih Kalangan kanoman.